PHOTO REUNI REABE SPENDRUX’S
Photo-Photo Acara Reuni Reabe Spendrux’s, Rumah Makan Mang Bewok – Jl. Raya Karamatmulya – Kuningan.
Kenangan manis yang tidak akan terlupakan……………………………………………….
Photo-Photo Acara Reuni Reabe Spendrux’s, Rumah Makan Mang Bewok – Jl. Raya Karamatmulya – Kuningan.
Kenangan manis yang tidak akan terlupakan……………………………………………….
resep ngabandungan kang dede,kang ikin +kang mutim(kang rastono tea) saling komentar,punten t jalmina oge atuh photo2na k nonghol kang dede! abdi sono pisan!!
kang mutim punten atuh data2/alamat terbaru anggota REABE dimuat sesegera mungkin di sini,haturnuhun!
Sumuhun kang akum, Insya Allah dina sababaraha minggon kapayun kuabdi bade dimuat biodata anu enggal sadaya anggota REABE SPENDRUX’S anu aya di abdi. kaleresan ayeuna abdi nuju rada paciweuh ku padamelan, janten rada langki ngalongok kana blog. Biasa upami akhir taun teh sok paciweuh ku persiapan kanggo taun payun. Du’akeun we abdina sing sehat teras, janten tiasa enggal-enggal nampilkeun data, ma’lum di Bandung mah cuaca nuju kirang sae. Malihan ku abdi format blogna bade dirobih supados upami lebet teu lami teuing ngaloading datana.
hapunten eta mah kadorong kurasa sono…,mugia urang sehat salamina…,lancar dina sagala urusan….!
Tah geuning aya kang Akum. Wilujeng kang! Sok lah urang ngumbar kasono via ieu blog. Pan sesah pisan patepang raray mah. Abdi teh kalintang kangen ka sadaya wargi REABE, mung nya kitu waktos nu sok ngahalangan teh. Dupi ayeuna kang Akum teh kana naon padamelanna? Sami kitu sareng abdi janten guru?
sami,janten guru,tugas d sd manggari (oleced) lebakwangi,rompok mah d ciawigbang,dupi kang dede tugas dimana?
Kanggo kang Akum,
Manawi abdi dines teh di SMK N 31 Jakarta (Bisnis dan Manajemen). Abdi ngampu bidang studi Bahasa Inggris.
Ari linggih mah di Vila Anggrek C-9/6, Karang Satria, Bekasi.
Status: tos gaduh 2 putri.
alhamdulillah ngiring bingah ku suksesna kang dede
Wilujeng sumping Kang Akum, di blogna Kang Rastono.
Mudah-mudahan nambih wargi REABE nu ngalongokan blog ieu. Nya etang-etang silaturahmi di dunia maya.
haturnuhun kang ikin kana pang bageana,ageung harepan teh tiasa nimba elmu+informasi ti urang kota ku ngalangkungan blog ieu teh…….
reuni mani asa sarasono deui, kalh emut nuju urang ker lalagas, ari ayeuna buranakan…………….. tapi tetep semangatmah ngora ah……….
sobat jauh ti cikijing,
rosna met ultah semoga panjang umur tambah rizki teu kenging tambih Berat badan he he he
Neng Euis upami ngintun comment teh atuh namina dieusi, eta mani Anonymous. Wilujeng sumping neng, mangga geura rajin ngalongokan blogna atuh supados ulah tiiseun jiga kieu. Bingung abdi kalahka jojorowokan nyalira tapi teu aya anu mirosea. Kamarana atuh wargi2 REABE teh??????
Mudah-mudahan taun ieu tiasa kalaksanakeun deui “Acara Reuni 2010″…
Amiin… insya Allah ping 12 September urang kempel deui di bumina Kang Maman Suherman….
teh euis, wilujeng sumping di rorompokna kag Rastono…
teh euis kamana bae …?
Kang Rastono, kang Icuk, Kang Dede kumaha kabar dulur-dulur urang teh? sono ……………….
Kamarana ieu mani jempling, SAMPURASUN…..!
Rampes kang Akum, duka kamarana tah wargi urang teh. Resep nongkrong di Facebook jiganamah… Mangga Kang Akum geura calik…